B. Daerah

Pertanyaan

lemah hartina .....
larapna dina kalimah

1 Jawaban

  • Kecap lemah dina basa Sunda hartina anu paling bener nyaeta taneuh, leumah cai hartina "tanah air", ngalelemah hartina ngaratakeun taneuh anu rek diwangun.

    Tapi lamun kecap lemah dina basa Indonesia ditarjamahkeun kana basa Sunda, eta kecap lemah teh sok dihartikeun jadi leuleus atawa tetep "lemah", jadi wae kecap lemah dina basa Sunda oge ngabogaan harti "leuleus".

    Kecap leuleus henteu salilana ngabogaan harti saperti dina "lemah teu berdaya", sabab kecap leuleus lamun ditarjamahkan kana basa Indonesia hartina bisa lemah jeung lentur, lentur anu hartina bisa melengkung.

    Kalimah anu di luhur mah ngan sakadar ngajelaskeun yen hiji kecap lamun bolak-balik ditarjamahkeun bisa ngabogaan harti anu beuki jembar atawa beuki luas. Tapi kasimpulannana mah yen kecap lemah dina basa Sunda ngabogaan dua harti nyaeta taneuh atawa leuleus. Conto kalimahna :

    1. Sanajan geus lila cicing di mancanagara oge tetep wae ari ka lemah cai mah moal poho.
    2. Si Udin dua poe geuring, ayeuna geus cageur tapi masih lemah keneh ceunah.

Pertanyaan Lainnya