Naon nu dimaksud carita wayang
Bahasa lain
fitrimirnayanti7588
Pertanyaan
Naon nu dimaksud carita wayang
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Carita Wayang
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Carita wayang nyaeta salahsahiji karya sastra dina wangun lancaran atawa sok disebut oge prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Carita wayang kaasup kana prosa buhun. Conto karya sastra lianna, salian ti carita wayang, nu kaasup kana prosa buhun nyaeta saperti dongeng.
Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon. Carita wayang nu aya di daerah Sunda ditulis dumasar kana carita nu aya ti nagri Indina, nyaeta carita Mahabarata jeung Ramayana.
Sanajan carita wayang ditulis dumasar kana carita Mahabarata jeung Ramayana anu mangrupakeun kitab suci umat Hindu, carita wayang nu aya di daerah Sunda mah geus kapangaruhan boh ku adat istiadat Sunda ku ajaran agama Islam.
Carita nu aya dina carita wayang bisa pondok atawa bisa oge panjang saperti novel atawa wawacan anu bisa dibaca nepi ka sapeupeuting atawa malahan bisa nepi ka mangpoe-poe. Palaku nu aya dina carita wayang biasana mangrupa jalma, atawa dewa anu mangrupa jalma.
Di daerah Sunda, carita wayang sumebar ngaliwatan pagelaran wayang golek, jeung sumebar sacara tinulis mangrupa carpon, novel, dangding atawa wawacan. Carita wayang biasana ditulis ku pangarang anu jelas jeung biasana mangrupa tulisan fragmen atawa bagian-bagian anu dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata.