B. Daerah

Pertanyaan

buatlah Biantara/pidato
perpisahan
pake bahasa sunda

2 Jawaban

  • Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

    ALHAMDU LILLAHI, RABBIL’ALAMIN WABIHI NASTA’INU ‘ALA UMURID DUNYA WADDIN WA’ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA’IN.

    Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara Paturay Tineung …………………. Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna. Dina kasempetan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun ka bapa Kepala Sekolah serta bapa-ibu guru sadayana.
    Nu mana berkah jasa-jasa sarta pangabdian bapa-bapa sareng ibu-ibu guru dina ngadidik,ngabingbing sareng ngajar simkuring kalayan pinuh katekunan, kasabaran, katawekalan, sahingga simkuring sadaya hasil ngarengsekeun diajar kalayan sukses sarta nilai nu ngagumbirakeun. Sajabi ti eta simkurin’g oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan antara simkuring’ sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuringydiajar di sakola ieu, sehingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh bae.

    Jalaran hal ieu, simkuring ngaraos a’bot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana nu parantos nempel dina hate sanubari simkuring. Salajengna dina kasempetan ieu simkuring mung tiasa manjatkeun do’a ka dzat Allah Nu Maha Kawasa, mudahmudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparin kakiatan, kasehatan, kasajahteraan sarta salamina dilindunganaNa.

    Margi kajaba mung ku do’a ieu simkuring ngaraos teu mungkin mampuh pikeun ngawales jasa sarta budi bapa-ibu guru anu teu kaetang seueurna nu parantos dipaparinkeun ka simkuring sadaya Mangka dina kasempetan ieu, simkuring teu hilap ngahaturkeun nuhun sarta nyuhunkeun maaf anu saageung-ageungna tina sagala kahilapan boh nu dihaja atawa nu teu dihaja atawa aya perilaku anu teu saluyu sareng kahoyong para bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.

    Akhirna kalawan parasaan abot pikeun ngantunkeunnana, mudah-mudahan ku bekel nu parantos kapimilik ti bapa-ibu guru simkuring sadaya tiasa ngagunakeunnana sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal citacita simkuring sadaya. Akhirul Kalam, Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh












    maaf kalo slah n' kpanjangan kmu bisa singkat kok
  • Assalamualaikum wr wb
    Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayah-Na, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kayaan sehat walafiat.

    Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.

    Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.

    Dina salah sahiji hadits diterangkeun…

    Inna dhofatu minal iman. 

    Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

    Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana. Nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci.

    Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

    Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

    Para wargi anu mulya.

    Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.

    Wassalamu ‘alaikum wr. wb

Pertanyaan Lainnya