bahasa lemesna baheula nyaeta
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Bahasa lemesna baheula nyaeta kapungkur. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa anu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta anu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur. Kecap kapungkur bisa digunakeun boh dina basa lemes keur ka sorangan boh dina basa lemes keur ka batur.
Pembahasan
Ayana ragam basa dina basa Sunda teh lain pikeun ngabeda-beda status sosial jalma, tapi pikeun ngahormat ka kolot jeung ngajen ka sasama saperti batur ulin sapantar atawa sahandapeun. Sinonim tina kecap baheula nyaeta bareto. Jadi, kecap baheula, bareto jeung kapungkur teh hartina sarua, anu ngabedakeun nyaeta ari bareto jeung baheula mah kaasup kana ragam basa loma, sedengkeun kecap kapungkur asupna kana ragam basa hormat / lemes.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8
Kata Kunci : Baheula, undak usuk basa Sunda