B. Daerah

Pertanyaan

Coba sebatkeun ciri-ciri wawangsalan

1 Jawaban

  • Ciri-ciri wawangsalan nyaeta dina sapadana aya dua padalisan, dina sapadalisan biasana aya dalapan engang, aya bagean cangkang jeung bagean eusi, purwakanti antar padalisan henteu sacara jelas bisa kaciri, aya tilu rupa eusi wawangsalan nyaeta piwuruk, silihasih jeung sesebred. Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa tina sisindiran. Sisindiran sok disebut oge pantun Sunda.

    Pembahasan

    Aya tilu rupa sisindiran nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Sisindiran teh mangrupa salahsahiji rupa tina puisi Sunda. Aya sawatara rupa puisi Sunda nyaeta saperti sisindiran, guguritan, wawacan, sajak, mantra, pupujian jeung carita pantun. Di handap ieu nyaeta ciri-ciri wawangsalan sacara rinci:

    1. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada rarakitan jeung paparikan mah aya opat padalisan.
    2. Dina sapadalisan wawangsalan, rarakitan jeung paparikan biasana aya dalapan engang.
    3. Dina sisindiran aya bagean cangkang jeung vagean eusi. Dina wawangsalan, padalian kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
    4. Dina wawangsalan purwakanti antar kecap nu aya dina antar padalisan henteu bisa jelas kaciri. Purwakanti antar kecap dina wawangsalan aya dina "wangsalna". Kecap "wangsalna", anu mangrupakeun harti padalisan kadua, murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua. Sedengkeun purwakanti antar padalisan nu aya dina paparikan jeung rarakitan mah bisa sacara jelas kaciri, henteu kudu make "wangsalna" saperti dina wawangsalan.
    5. Dina sisindiran (wawangsalan, rarakitan, paparikan), ditilik tina eusi atawa maksudna, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silih asih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    _________

    Detil Jawaban

    Kelas : X  

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 9

    Kode : 10.13.9

    Kata Kunci : Sisindiran, wawangsalan, pantun Sunda, puisi Sunda

Pertanyaan Lainnya